Sawala Haté
Aya nu diharéwoskeun
Mangsa peteng
murba
Dina jajantung
peuting
Nu kulawu
Manéhna lunta
muru impian
Nu teu kaur
cunduk
Di mana lebah
nyangsangkeun kahayang
Satungtung urang
Muru harepan séwang-séwang!
Jatinangor, 28
April 2008
Léngkah Urang
Ngitung waktu nu
haben ditiir lampah,
Saléngkah-saléngkah
Geus tepi ka mana
lalampahan téh, jungjunan?
Nyawang lalakon
nu can kasorang
Papada urang, mingkin
lewang haté
Kapan urang, cikénéh
Ditagih jangji!
Nu can témbong
kelemengna
Pimanaeun urang
naur pati
Nu sidik
ngadodoho urang!
Jatinangor, 28
April 2008
Sawala Haté jeung Léngkah Urang
Dikirim pada 07:08 pm oleh [Candra T. Munawar]